Senin, 27 Februari 2012

Sanajan anak balotah,kolot mah teu weuleh nyaah. Sanajan anakna badung kolot mah sok tara pundung, ngan urang nu sok adigung.

Lalampahan budak anu gubrag kaluar tina rahim indungna, estu salawasna aya dina kanyaah indung bapana..
Dirorok ti keur orok, dirawat ti keur budak..
Terekel nete wanci baleg, nu jadi bapa tuluy rancage, wakca nyarita mapatahan ikrar ka islaman.... 
(Dimimitian ku maca dua kalimah Syahadat) 
"umur ujang ayeuna nincak ka baleg.., ujang kudu ngajam rek ngalampahkeun sagalarupa parentah Alloh Ta'ala, jeung ujang kudunyingkahan sagala rupa laranganna..!",
tuluy eta budak cumarita ikrar sakumaha nu dipapatahkeun ku bapana.Bapa geus ngagugurkeun salah sahiji kawajiban, tina kawajiban-kawajiban anu sejena.
Mangka kudu ngariksa, lantaran aya paribasa 'Hana caraka data sawala, anakna cilaka bapana kababawa..'.Rehna tikitu eta budak prak elmuan, ku parantara sakola jeung pasantrenan..
Indung mah ngan ukursedih nyaksian anakna disumpah, da memang eta ngaran kanyaah.Tapi sok sanajan kitu hanteu luntur kalinduanhan teu gedag kaanginan, ka nyaahmah tuluy-tuluyan.
Sanajan anak balotah,kolot mah teu weuleh nyaah.
Sanajan anakna badung kolot mah sok tara pundung, ngan urang nu sok adigung.
Sakitu nu ka sanggakeun ti sim kuring, muga jembar pangapunten.

1 komentar:

silahkan di icip dan dikoment dengan bahasa yang sopan tapi nyentrik

Advertisement


About

Labels